Rabu, 18 Juli 2012

KADUHUNG DISUNATAN

Kaduhung Disunatan, Carita Ti Nagara Amarta Abad Opat Puluh Lima (Ku Yusef Muldiyana II)

AYEUNA minangka taun 4401, mangsa Nagara Republik Amarta dipingpin ku Presiden Adang Sitanggang. Kacaturkeun Raden Bratasena numpak monorel ti Cidaun ka Dungus Cariang saréngsé ngajar ti SPG; Sakola Pijadieun Guru.
Di imah, Nyi Mas Arimbi – keur online dina laptop, jol budakna Gatot Gaca, kelas 3 SD. “Mam, sok lah ayeuna mah Atot daék disunatan téh, asal dicecep duit sing réa,” ceuk Gatot Gaca. “Tah alus, ké bébéja ka bapa manéh, ngarah geuwat-geuwat hajat,” walon Arimbi. “Tong dililakeun, minggu hareup urang kariaan nyutatan manéh, Tot,” Ceuk Bratasena nu geus nyampak di tukangeun.
Hajat nyunatan Gatot Gaca lumangsung tilu poé tilu peuting, nanggap sagala rupa hiburan. Mangjuta-juta duit panyecep geus numpuk dina bokor.
“Mam, mana duit urut Atot disunatan téh, cuang beulikeun PS7,” ceuk Gatot Gaca ka Arimbi opat poé saanggeus hajat. “Nyéta duitna beak dipake mayaran hutang urut hajat,” témbal Arimbi. Pok, Gatot Gaca “Ah ingah kaduhung disunatan!”

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

 
Free Web Hosting