Kamis, 23 Juni 2011

BABAD "LAYUNG LALUNGSE"

(Ieu Teh Carita Bogana Kang Warsa ngan kuring Resep jadi weh ku kuring teh di tulis deui)

Geus jadi sabiwir hiji, kakoncara ka mana-mana, lamun baheulana nagara urang téh boga julukan nagara maritim. Karajaan-karajaan anu aya di Nusantara, Boh anu aya di tatar Pasundan atawa di luar parahyangan loba kacaritakeun kahébatanna. Ieu disalunyuan ku para ahli sajarah dunia, saperti Sejarawan Jepang anu ngaranna Sakurata San, dina buku nu judulna; ” Hoena Kasikati Pesoku ” ( Sajarah Pasifik), nulis dina basa Jepang : ” akinasohak mitsubishi takunaiki, dakunaiki jugata majuwae. Makanaku lariazha…” anu pihartieunna kira-kira, ” kuring boga bukti-bukti lamun salah sahiji karajaan geus pernah meuntas nepika palabuan Seizu nu aya di Jepang”.

Sajarawan Sunda sorangan kurang soson-soson ngayakeun panalungtikan ngeunaan karajaan mana anu pernah ka palabuan Seizu anu aya di Jepang téh? Anu manghérankeun, lolobana anu bener-bener konsern kana hal kieu téh malah ahli-ahli mancanagara saperti; Ricardo Pendi Sumphena (Spanyol), Adulof Herrypuddiencth (Jerman), Phepen Omant (Vietnam), Kereshek Gumaransev (Russia), jeung Van Ghuoblogh (Walanda). Para ahli mancanagara téh ngagabung dina hiji lembaga panalungtikan sajarah Sunda, SHOUN = sundanesse historical organization for united nation.

Aya hiji sajarawan Sunda nu ulubiung dina éta lembaga nyaéta Profesor DR Encuy Samsiddin, guru besar sajarah ti Hesehitouth University , California.

Hasil gempungan jeung gawé Nu rancagé ti para ahli téh nyaéta kapanggihna hiji naskah sunda kuno anu umurna téh leuwih kolot dibandingkeun naskah Amanat Galunggung anu ditulis ku Prabu Guru Darmasiksa. Naskah anu ditulis dina kulit waru téh jumlahna ngan dua kaca (halaman), tapi jadi bukti jeung pituduh ngeunaan karajaan Sunda Kuno. Kabéh ahli geus nangtukeun lamun éta naskah ditulis ku hiji Raja jauh samemeh ayana karajaan-karajaan di Nusantara saperti Kutai jeung Tarumanagara.

Aya dua pada anu jadi lulugu utama naskah ieu nyaéta:
Sing sang aha aku
Nu neuleuman babad layung lalungseh
Dia ge nyaho yen nu huninga nerati
ngaing sri peucang kadut raja di
Kartunamarangga, ge sebutna Raja Waluh.
Hartina; saha-saha anu ngaguar ieu naskah nu judulna Layung Lalungsé, bakal ngarti yén anu nulisna téh Raden Peucang Kadut, hiji Raja Kartunamarangga anu disebut ogé karajaan Waluh.

Pada anu ka-dua dina éta naskah nguningakeun
Dia sing waspada, sri peucang akuna garwa nyimas gelung, anu putrana raden menak remehanbaya wastana raden keuyeup apu, anak lan incuna ngaing daradi menak kabeh.
Anu hartina ( manéh kudu bener, Raden Peucang boga istri nyaéta nyimas Gelung, tuluy boga putra nyaéta Raden Menak Remehanbaya anu katelah Raden Keuyeup Apu. Anak jeung incuna bakal jareneng jadi raja.

Panalungtikan teu cukup nepika dinya, da diteruskeun ku panalungtikan arkeologis. Para ahli ngagali, di beulah wétaneun wewengkon kampung Waluh Resmi, aya hiji candi leutik anu dibéré ngaran Candi Waluh dan bentukna Buleud tur buleneng kawas waluh.

Kabéh satuju, lamun Raja Peucang pernah meuntas lautan , patepung jeung raja Seizu, Pangeran Huizampeunahawu. Buktina mangrupa ayana sababaraha barang anu sarua umur jeung Bentukna antara Karajaan Waluh jeung karajaan Seizu.

Hasil panalungtikan ieu, mukakeun deui hiji misteri, lamun urang Sunda kuno téh jalma-jalma lampar, tukang lumampah jauh. Para ahli nyimpulkeun panalungtikanna dina hiji jurnal anu dibéré judul ” The Journal of Waluh and Raden Peucang.

Ieu ngan saukur carita, tong dikuat-kaitkeun jeung sajarah asli, huhuy..

Minggu, 19 Juni 2011

Dongeng si Ucup

Di hiji lembur aya hiji budak nu katelah si ucup, eta budak teh pinter turta loba akal, tapi hanjakal bangorna teu katulungan kabeh ge pada apaleun salembur eta mah ku bangorna si ucup teh.

Dina hiji poe si ucup ngirim surat ka sakola cenah manehna moal bisa sakola sabab aya anu banget penting pisan cenah, indungna nanyakeun ka si ucup..

Indungna "Ucup ari maneh kunaon teu sakola?"

si Ucup "Hoream ma.. disakola ge ngan ukur nundutan"

Indungna "Har naha... emangna di ajar naon kitu cup?" ceuk indungna heraneun

Si Ucup "Har ari ema... Nya di ajar sere atuh ma.., maeunya diajar renang bari
nundutan atuh ti lelep meren ma..." tembal si ucup bari kaluar

Indungna garo-garo teu ateul ngedenge jawaban ti si Ucup kitu teh, "ari maneh rek kamana ayeuna?", ceuk indungna "rek ulin ma.." tembal si ucup.

"Nya geus atuh mening milu ka ema ka Pasar" ceuk indungna deui "nya hayu we atuh ma.." tembal si ucup"

Kacaritakeun dua nana arindit ka pasar, sawaktu di pasar indungna ningali wali kelas si ucup keur balanja, nya indungna ngomong ka si ucup

Indungna "ucup tuh aya wali kelas maneh keur balanja" ceuk indungna

si Ucup "aduh Kumaha nya ma....?" tembal si ucup

Indungna "nya engges atuh maneh nyumput hela.., pan tadi ngirim surat teu sakola"

Si Ucup "Har nya ema atuh anu kudu nymput mah" ceuk si ucup.

Indungna "Naha ema anu Kudu nyumput teh Lain maneh...?" ceuk indungna heraneun.

Si Ucup "Nya tadi da dina eusi suratna Ucup bebeja yen ema maot..." ceuk si ucup
teu kireum-kirem.

Indung na molotot bari nyarita "dasar maneh mah bangkar warah ninitah Indung supaya paeh, padahal aing teh hayang Keneh boga salaki.., geus lila teuing aing teh rarandaan".

Si Ucup ngan saukur ngabelehem bari ngaleos ngajauhan indungna bari rek nyumput supaya teu kapanggih ku wali kelasna...

Caag hela nyaa...

Wasalam ti ABah Udin...

Asal-Usul Ngaran Roko

Ari roko teh kabeh ge geus pada apal, ngan anu can pada arapaleun teh asal usul eta roko, tah ayeunamah urang jujut gera eta roko teh asal mulana.

Mimitina eta roko teh kapanggina ku aki-aki anu mawa ulin incuna ka tempat panyimpenan uyah, nyak ceuk legegnamah "GUDANG GARAM" anu aya di "KUDUS" (tempo geura gambar anu aya dina roko WISMILAK) tah eta aki-aki anu mawa ulin incuna teh.

Urang teruskeun deui caritana,eta budak anu keur dibawa ulin ku akina teh ngadekeutan hiji tangkal anu kacida alusna jeung dauna baradag, terus eta daun teh di tojosan ku eta budak make "DJARUM" anu geus loba taihiyangan atawa geus rada coklat, akina ningali polah incuna kitu teh panasaran terus ngadekeuatan bari nanyakeun

akina "tangkal naon eta teh jang? mani alus kitu jeung dauna baradag"

incuna "duka tangkal naon ieu teh ki abdi ge karek ninggal tangkal kieu teh"

akina "nya ari teu apal mah ngaranan we atuh ku ngaran maneh, da maneh anu mimiti
manggihan eta tangkal teh"

incuna "ma enya ki ieu tangkal dingaranan BAKO"

akina "nya keun bae atuh da ngaran maneh teh BAKO lain Udin"

Nya ti harita eta tangkal teh katelah nepi ka ayeuna ngarana tangkal BAKO, kitu tah mimitina. Urang Teruskeun deui caritana nya...

Kusabab resep kana eta tangkal, nya rencana rek dibawa ka kota lamun ku basa ayeunamah kota teh ceuk legegna "COUNTRY". nya carita singkatnamah eta tangkal teh di ala ngan si aki bingungeun kana naon mawana, keur kitu kabeneran aya delman ngaliwat, lamun ceuk urang sunda mah delman teh "KERETEK" nya digoroan eta tukang keretek teh, sangges babadamian eta tukang keretek teh daekeun mawa tangkal bako ka kota.

Tapi waktu eta tangkal rek di taekeun kana keretek karasa berat pisan nya ahirna di angkat babareungan bari ngagorowok "DJI SAM SOE", anu ahirna eta tangkal teh geus kataekeun kana eta keretek terus ceuk si aki nyarita "wah ieumah BENTOEL-BENTOEL "SAMPOERNA", geus hayu ayeuna mah urang berangkat" ceuk si aki katukang keretek bari nuntun incuna, tapi tukang keretek nyarita "ki kuring teu sanggup lamun mawa ieu tangkal bari euweuh anu ngawalmah da ieu teh barang anu cukup berharga atuh" ceuk tukang keretek ka si aki.

Si aki rada ngahuleung nya manehna inget ka babaturannana anu ngabogaan anjing rek dipenta tulung supaya daekeun ngawal, nya kacaritakeun ahirna babaturan si aki teh daekeun ngawal bari mawa piaraan nana anu katelah "CIGARILOSS", manehna oge teu leumpang tapi mawa kuda tempo geura potona aya dina roko "MARLBORO" sabab sawaktu ngawal keretek manehna ngaliwat ka daerah Malioboro kabeneran aya wartawan nya manehna dipoto heula.

Singkat carita geus tarepi we rombongan si aki teh mawa tangkal bako ka kota, masyarakat kota banget kacida heraneun ningali tangkal anu sakitu hadena bari cing garendeng jeung babaturanna "wah ieumah tangkal teh bener-bener "SAJATI", hade turta tangkal jeung daunna teh bener-bener "SAMPEORNA" HEJO na teh, terus eta masyarakat teh sapakat rek ngayakeun upacara sambutan ka si aki ku tari-tarian, nya manggil tukang tari anu kasohor nya eta "SRI WEDARI"

Saterusna eta tangkal teh di garotong ku sarerea di bawa ka imah si aki, terus eta tangkal teh di pelakeun, aya sababaraha daun anu murag terus ku masyarakat teh di kumpulkeun, sanggeus rada garing eta daun teh di lalinting dijieun roko, kabeh hayang ngasaan nepi keun di eta ruangan teh mulek kacida ku haseup roko, si aki ngagorowok "wess mulek...., wes mulek...., wes mulek....." cenah ceuk si aki, tapi kadengeun kunu sejenmah "WISSMILAK..,WISMILAK..." cenah nepikeun ka sapakat eta roko teh dingaranan "WISMILAK" turta gambarna oge make poto si aki jeung incuna tea.

Caag aah urang cekap keun heula nya....

wassalam ti Abah Udhin

Selasa, 14 Juni 2011

Pertemuan Rutin


Pertemuan Rutin antar paguron Pencak Silat Se-Kecamatan Lembang adalah program kegiatan DPC-PPSI Kecamatan Lembang, yang selalu di adakan setiap satu bulan sekali dengan tujuan agar para pesilat lebih bersemangat, berpengalaman dan Juga akan makin bertambahnya rasa kekeluargaan antar pesilat khususnya, juga sebagai promosi kepada masyarakat bahwa seni Budaya bangsa itu khusunya pencak silat masih ada dan masih banyak yang berminat untuk mempelajari seni budaya khususnya pencak silat ini.





Senin, 13 Juni 2011

Kejuaraan Pasanggiri Seni Ibing Pencak Silat II se-Kecamatan Lembang


Pasanggiri Seni Ibing Pencak Silat Ke II antar paguron se-kecamatan Lembang telah dilaksanakan pada tanggal 14-15 Mei 2011, di alun-alun kecamatan Lembang yang dihadiri oleh Bapak camat kecamatan Lembang, Ketua Formi dan ketua DPD-PPSI Kabupaten Bandung barat dengan diikuti oleh 9 paguron yang ada di wilayah kecamatan Lembang antara lain : Paguron pencak silat Pusaka Putri Domas, Mekar Patali Wargi, Mekar Saluyu, Pusaka wargi, Paksi Mekar Wargi, Macan Tunggal, Gajah Putih Jayagiri, Gajah Putih Cikole dan Paguron Pencak Silat Cahaya Jati Sampurna dengan jumlah peserta sebanyak 103 orang.





Dari hasil pertandingan pada Pansanggiri Pencak Silat ke II ini Paguron Mekar Patali wargi dari desa Wangunsari sebagai Juara Umum sekaligus sebagai juara bertahan dalam mempertahankan juara umumnya pada Pasanggiri seni Ibing Pencak Silat ke I di Kecamatan Lembang, dengan perolehan medali Emas 8, Perak 2, Perunggu 4 diikuti oleh Paguron Pusaka Putri Domas dengan perolehan Medali Emas 6, Perak 2, Perunggu 4 dan sebagai juara ke tiga di raih oleh Paguron Pencak silat Pusaka wargi dengan perolehan Emas 3, Perak 5 dan Perunggu 2 serta Paguron Mekar Saluyu Sebagai Harapan I.


Dalam pelaksanaan kegiatan Pasanggiri Seni ibing pencak silat ke II, juga dimeriahkan oleh bintang tamu yaitu kang Ade yang memperlihatkan kepiawaiannya dalam berpencak silat.

selain itu juga dari group Karinding ikut pula memeriahkan dalam pasanggiri seni ibing pencak silat ke II se-Kecamatan Lembang.

Tah Ieu Urang jelas keun Naon ari karinding teh.



Karinding mangrupakeun salah sahiji alat musik tiup tradisional Sunda. Aya sababaraha patempatan anu katelah dina ngadamel ieu karinding, samisal ti wewengkon Citamiang, Pasirmukti, Tasikmalaya, jeung Lewo Malangbong (Garut), anu nyieun karinding tina palapah kawung (enau). Ti wewengkon Limbangan sareng Cililin mah, karinding teh dijieunna tina awi, ieu nyirikeun taun dijieunna, jeung anu makena nyaeta para istri, ningali dina wangunna jiga susuk ngarah gampil ditancebkeun dina gelungan rambut. Sedeng bahan kawung lolobana dipake ku lalaki, wanguna leuwih pondok ngarah bisa diselapkeun dina wadah bako. Wangun karinding aya tilu ruas.


Karinding teh alat pikeun ngusir hama di sawah. Sora anu dihasilkeun tina keleterna jarum karinding mah sora handap low decible. Sorana dihasilkeun tina gesekan gagang karinding jeung tungtung curuk nu ditepak-tepakkeun. Eta sora anu kaluar teh ngan kadenge ku sabangsa wereng, simeut, jangkrik, manuk, jeung sajabana. Kiwari eta sora teh disebutna ultrasonik.Ngarah betah di sawah, cara nyaadakeunana ngagunakeun baham ngarah resonansina jadi musik. Kiwari, karinding kalan-kalan dibarungkeun jeung alat musik lianna.



Bedana nyadakeun karinding jeung alat musik jenis mouth harp sejenna nyaèta lebah tepakan. Ari nu sejenna mah ditoèl. Nya ku cara ditepak loba kapanggih wirahma anu beda-beda. Ketukan tina waditra karinding disebutna Rahel, nyaèta keur ngabedakeun saha anu kudu nepak tiheula jeung satuluyna. Nu tiheula makè rahèl kahiji, anu kadua makè rahèl kadua, jeung saterusna. Euyeubna sora nu dihasilkeun ku karinding nimbulkeun rupa-rupa sora, antarana bae sora kendang, goong, saron bonangatawa bass, rhytm, melodi jeung sajabana. Malah ku karinding urang bisa nyieun lagu sorangan, sabab cara nepakna anu beda jeung sora dina baham nu bisa divariasikeun bisa ngagampangkeun urang keur ngahasilkeun sora nu warna-warni. Cék kolot, baheula mah ngalagu teh bisa ku karinding, Upama urang geus maher ngulinkeun sora karinding, bakal manggihan atawa ngahasilkeun sora pikeun ngomong, tapi sora anu kaluarna sada sora robotik.

 
Free Web Hosting